Baheula, aya hiji randa beunghar katelahna Nyi Endit. Ieu téh saenyana mah nénéhna, da ngaranna sajati mah Nyi Bagendit. Manéhna téh kacida pisan kumedna.
Geus taya nu bireuk deui kana kakumedanana téh. Salian ti pakacar-pakacarna mah, tara aya nu larsup ka imahna. Éstuning lain babasan éta mah hirup nyorangan téh. Ngahaja mencilkeun manéh, ngababakan di tengah pasawahan anu upluk-aplak. Maksudna taya lian, ku bawaning embung campur jeung batur, da sieun kasoro téa.
Kacaturkeun keur usum panén, di ditu di dieu ceuyah dibaruat. Ka sawah Nyi Endit ogé réa nu gacong. Ari réngsé dibuat jeung sanggeus paréna dikaleuitkeun, sakumaha tali paranti, Nyi Endit nyieun sidekah. Ngondang lebé jeung sawatara tatangga. Popolahna saniskara ku sorangan, teu aya nu ngabantuan. Barang geus tarapti, sakur nu mantuan ngakut tuluy diondang ngariung tumpeng. Atuh anu ngariung téh nepi ka ratusna. Tapi sadia tumpengna teu sabaraha, nepi ka ngan sakotéap gé geus bérés, bari tingkarétap kénéh.
Keur meujeuhna balakécrakan, solongkrong aya aki-aki bongkok nu nyampeurkeun. Ku pribumi teu ditari teu ditakon. Nya pok aki-aki téh waléh yén teu kawawa lapar, sugan aya sih piwelas. Ana gantawang téh Nyi Endit bet nyarékan, nyék-sék-nyéksékkeun, pajarkeun téh taya kaéra, teu ngahutang gawé, ménta bagian. Tungtungna nepi ka nundung, aki-aki dititah nyingkah. Cindekna mah geus lain picaritaeun wé.
Aki-aki indit bari jumarigjeug, bangun teu nangan. Méméh indit manéhna ngomong kieu, “Sagala gé boh ka nu hadé boh ka nu goréng, moal taya wawalesna.”
Ngomong kitu téh kasaksian ku sakur nu aya di dinya. Saréngséna nu dalahar tuluy amit rék baralik. Kakara gé patinglaléos, rug-reg ngarandeg, sabab aya nu tinggarero, “Caah! Caah!” cenah.
Henteu kanyahoan deui ti mana datangna cai, ngan leb wé pakarangan Nyi Endit téh geus kakeueum. Atuh kacida ributna, jalma-jalma geus teu inget ka diri batur, asal salamet dirina baé. Nyi Endit ogé nya kitu, niat rék nyingkiran cai, tapi barang kaluar pisan ti imahna, cai téh nepi ka lir ombak laut tinggaruling ka palebah Nyi Endit. Imahna terus kakeueum méh laput.
Nyi Endit angkleung-angkleungan, bari satungtung bisa mah teu weléh-weléh sasambat ménta tulung Tapi taya nu nulungan, da batur gé sarua ripuhna. Nyi Endit ngalelep. Beuki lila, cai téh beuki gedé baé. Nepi ka jadi situna, ngeueum sakabéh pakaya Nyi Bagendit.
Jaman baheula – baheula ge baheula deui –
aya hiji lembur anu gegek jiwana. Pengeusi eta lembur, meh kabeh jelema
carukup. Demi pangupajiwana kana karajinan ngabatik.
Kacaritakeun di eta lembur aya hiji
randa boga anak awewe ngaran Marini. Nyi Marini ku indungna pohara
diasihna, lantaran rajin jeung suhud ngabantuan pagawean indungna.
Pagawean di dapur jeung di imah kabeh ditangkes ku manehna. Malah
kalan-kalan Nyi Marini sok ngabantuan indungna ngabatik.
Dina hiji poe indungna meunang ondangan
ti tatanggana nu rek ngawinkeun anakna awewe. Nyi Marini ku indungna
meunang milu ka ondangan. Manehna kacida atoheunana, lantaran bakal make
baju alus jeung make samping weuteuh, meunang ngabatik indungna. Tapi
aya kasusahna, lantaran manehna teu bogaeun cucuk gelung.
Sapeupeuting, henteu boga cucuk geulung
keur pakeeun isuk ka ondangan teh, jadi pikiran Nyi Marini. Manehna diuk
hareupeun jandela, bari neuteup bentang-bentang nu tingkaretip di
langit.
Di jero hatena manehna ngecewis, “mana
teuing senangna mun aing boga bentang pikeun cucuk gelung” karek oge
mikir kitu, ujug-ujug aya nu ngempur cahyaan rag rag kana lahunanana.
Nyi Marini kageteun pisan, turug-turug kadenge ku manehna aya sora tan
katingalan “Marini, ieu bentang nu dipakayang ku maneh pikeun cucuk
geulung tea. Heug geura pake isuk kana pesta kawinan batur maneh,
lantaran teu meunang budak rajin jeung hade ka indung. Tapi maneh teu
meunang ngomong sombong. Mun maneh ngomong sombong atawa boga pikiran
sombong, ie bentang baris leungit teu puguh-puguh”
Nyi Marini kacida atoheunana, dina hatena jangji, yen moal boga pikiran jeung ngomong sombong.
Isukna, Marini make cucuk geulung
bentang tea. Manehnas katenjona geulis pisan sarta cahyaan. Kabeh nu aya
di dinya ngarasa heran. Nyi Marini leuwih diperhatikeun ku sarerea ti
batan panganten. Babaturanana kabeh muji kageulisanana. Ku lantaran
kitu, manehna mikir, “kacida senangna dipuji-puji ku babaturan, ngan
aing sorangan anu panggeulisna lantaran make cucuk geulung bentang,
“karek oge mikir kitu, cucuk geulung bentang teh ujug-ujug leungit”
“Ih Marini geuning leungit cucuk geulung
maneh teh” ceuk salahsaurang baturna. Marini kageteun pisan, manehna
kakara ingeteun yen manehna boga pikiran sombong. Pohara manehna
hanjakaleunana.
Kabeh jelema nu aya dina eta pesta
mangneangankeun cucuk geulung nu leungit tea, nepi ka pakean-pakeanana
kalotor, tapi nu leungit weleh teu kapanggih. Ningal kitu, Nyi Marini
pohara karunyaeunana ka maranehanana. Di jero hatena manehna jangji, nu
manggihkeun baris dipersen, itung-itung mulang tarima.
“Ieu marini, cucuk geulung maneh tek
kapanggih” ceuk salasaurang baturna. Nyi Marini atoheunana. Tuluy
manehna nyalukan batur-baturna. Ku manehna dicaritakeun asal usulna eta
cucuk geulung bentang teh. Satuluyna manehna nyarita kieu, “Ayeuna
kuring embung make cucuk geulung bentang sosoranganan, tapi rek
dibagikeun ambeh dipake ku sarerea babarengan”
Sanggeus ngomong kitu, tuluy eta cucuk
geulung bentang teh dibantingkeun nepi ka remuk. Tuluy eta reremukan teh
haliber, jadi nu ayeuna disebut Cika-cika, cenah!